Hiji pamuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek. Keur kitu, motorna ujug-ujug direm ngadadak bisi nabrak hiji pamuda nu keur mabok di tengah jalan.
“Dasar Blegug! Mun mabok ulah di jalan atuh….!” ceuk nu tadi ngebut kesel jeung keuheul.
“Maneh nu blegug mah,” bales nu mabok. “Sakitu ngebut, nabrak teu keuna…”

Dokter & Pasien RSJ

Dokter : “duh maneh teh meni bau kieu, tara mandi nyak ?”
nugelo : “mandi pak poe mangkukna …”
dokter : “ari poe ayeuna ?”
nugelo : “haar ari bapak gelo? nya ayeuna mah poe saptu atuh …”
*dokter pingsan*

Sapi
hiji mangsa peternak (salaki jeung pamajikan) sapi nu di Pangalengan studi banding ka TAPOS ( nu mbah harto tea) , meh tiasa nyonto ngurus sapi nu unggul, bari abring-abringan di pandu ku instruktur na ti tapos.
Instruktur : Tah ieu sapi nu ageung bibitna ti nyu selan, sapi nu ieu tiasa kawin 5 kali sadinte’n.
Ibu : (bari noel ka salakina), tuh apana sapi ti nyu selan mah tiasa 5 kali, sadinte’n, apa tiasa teu?
Bapa :*&^%$#@ (salakina ngan ukur jame’dud) .
Instruktur : Tah pami ieu langkung ageung ieu mah, ieu sapi ti ustrali, ieu mah sadinte’n tiasa 10 kali kawin.
Ibu : teuh apana tiasa 10 kali ieu mah, apa tiasa teu (bari noel)
Bapa : (Bari ngagidir nafsu) ke ke keheula yeuh Instruktur ieu teh 5 jeung 10 kali kawin teh bikangna hiji.
Instruktur : Nya he’nteu atu pa!!! itu pan bikangna sakitu seueurna di kebon jukut.
Bapa: Tuh ibu! bikangna seueur kengeng teu bu?
Ibu : *&^%$# ( malik jamedud )

diculik ti: detikforum